wangkongan “Pasanggiri”

Wangkongan ieu mah mung ubar baeud kanggo anu mika deudeuh kana basa jeung budaya Sunda. Impilik-impilkna mugia tiasa dijantenkeun eunteung kangge “generasi muda” utamina.

PASANGGIRI

Ceu guru kenging pancen ti sakolana ngaping anak ceu Surti milu  Pasanggiri di Tasik. Ari ceu Surti najan diulah-ulah oge milu, nekad najan make ongkos sorangan da panasaran hayang nyaksian pasanggiri  siga kumaha.

Nepi ka Tasik wanci magrib, ceu Surti neangan panginepan. Kabeneran aya sakamar nu tempatna teu jauh ti Bumi Ageung. Ari si Itok mah tumaninah da disadiakeun ku panitia. Si Itok pamilon biantara.

Kacaritakeun Isukna

Ceu Guru : “Tok, tong hariwang. Kudu percaya diri. Lamun ku meok memeh dipacok, cilaka dua belas.”

Itok : “Insyaalloh, Bu.”

Surti : “Aduh, alus nya. Geuning mun ditinenan nonoman teh teu kabeh geus lali kana purwadaksi, aya     keneh nu mika cinta ka basa urang..”

Ceu Guru : ”Puguh atuh. Rek saha deui anu mika cinta jeung ngamumule basa urang, iwal ti uran             salaku urang  Sunda”

Itok :”Kapan aya paribasa saur bapa Dodo Pangawas tea; Yen budaya teh ciciren bangsa, budaya                 Sunda   teh    mangrupa jati diri urang  Sunda Sawadina budaya Sunda. Jadi kareueus sakabeh ur

urang Sunda.”

Surti :”Satuju pisan. Mun sakabeh nonoman kawas Itok. Hadee!”

Itok :”Hade mah pasangan Dede Yusuf  jeung saha nya Ma?”

Surti :”Puguh Ema mah anu kainget teh Dede Yusuf bae. Saurangna mah poho. Ngan ayeuna mah geus  jadi.”

Surti :”Kukituna mah susuganan  hade oge sagala-galana,kahirupan di Jawa Barat subur,makmur loh         jinawi, teu kakurangan  sandang kalawan pangan.Rahayatna makmur, ayem  temtrem. Teu

hilap tanjeurkeun ajen jeug komara Ki Sunda.”

Ceu Guru : “Aminnnn”

Artikel “HARI GURU”

Artikel

HARI GURU

Harita Jam ka dua panulis nuluykeun ngajar di kelas XI Ipa 2 disalah sahiji sakola SMA swasta anu kawentar di kota Bogor. Muridna otakna berlian aya oge anu kurang ngan aya lewihna. Mun kurang mah moal ditarima da asup ka dinya the hese kudu tes tulis. Lian ti otakna lumayan hade.

Mun ditingali mayoritas urang non pribumi Sunda. Ngan alusna najan kitu Kapala Sakolana ( bapak Sunu saterasna bu Ary) tumut kana aturan pamarentah ngenaan diwajibkeun pangajaran basa Sunda najan ngan sajam. Aya sakola nu teu malire kana aturan.Majar teh taya harga jualna beda jeung basa deungeun. Kukituna mah ari basa deungeun ngabogaan harga jual, atuh ari basa urang mah komo salaku urang Sunda ulah dijual tapi dikembangkeun atawa dimekarkeun jeung dimumule. Ku saha deui iwal ti ku urang salaku urang Sunda. Isin loba nonoman asing anu mikacinta jeung mekarkeun kabudayaan urang Sunda di nagarana. Basa Sundana hade, lentong ayaan, bisa ngibing jeung maenkeun waditra Sunda sabangsa kacapi, suling, degung jsb.

Nalika kuring ngajar maranehannana tuhu kana aturan, lamun nerangkeun the make dwi bahasa, mun teu kitu barudak olohok. Mun t (lain dwi bahasa di kelas SBI ieu mah ) tugas rereongan da sorangan mah karunya. Sugan ari rereongan mah aya anu bisa. Nu untungna ti SMP aya nu geus diajar tapi aya oge anu henteu . Ari geus ngahiji barudak bisa nganggeuskeun sagala pasualan. Malah mah hasil pancenna leuwih hade sok dijadikeun conto ka sakola nu lian. Koncina mah aya kadaek jeung niat. Komo jaman kiwari mah aya internet jadi barudak teh lega kanyahona tampolana batan guruna.Gaptek. Gagap teknologi tea. Tapi ketah ieu mah di nagara

antah barantah.Guru-guru di nagara urang mah maju.

Aeh, asa kaingetan. Judul artikel the Hari Guru. Urang tuluykeun. Harita barang panulis asup ka kelas barudak raong “ SELAMAT ULANG TAUN”.Panulis heran, rarasaan ieu tanggal 25 Desember, ulang taun mah 9 Aggustus.Barang ret ka papan pangumuman nu aya di kelas . SELAMAT HARI GURU. Panulis kacida ngaranjugna simana horeng masih aya murid anu paduli. Upacara poe ieu rarasaan teu kadenge, biasana mun aya upacara diumumkeun . Hadena mah aya sangkan jadi momen penting pikeun bangsa Indonesia. Ceuk salah sahiji tulisan “Moal aya presiden lamun teu aya guru. Da presiden oge memeh anjeunna bisa maca jeung nulis ku guru. Ku guru Sakola Dasar diajarna. Jadi lamun aya sing saha nu wani ngajejeleh guru ,manehna teu sadar yen aya tapak didik guru di dirina . Lamun aya kasalahan saeutik guru ,ulah digegedekeun tapi perlu ditaluntik nu saestu margi ari guru mah Pablik figur ceunah teu beda jeung selebriti.Kukituna mah kapan harti wancahan tina kecap guru nyaeta digugu jeung ditiru. Lamun guruna “kencing berdiri” kumaha teuing muridna.Ngan najan kitu guru oge sarua jelema, tangtu boga kakurangannana. Teu sampurna sipaning manusa mah.

Isukan upacara hari PGRI katelahna mah. Ieu mah umum, rupana da sakabeh guru di kota Bogor ti mimiti TK,SD,SMA, nepi ka SMA/SMK/MA wajib upacara di Sempur .Atuh ka Bapa wawakil PGRI diantawisna Bapa Surya anu parantos merjuangkeun UU GURU nepikeun ka turunna SERTIFIKASI. Ieu hiji ciri kapadulian atawa perhatian pikeun guru jeung dosen. Najan sertifikasi teu babari dipimilikna tapi aya proses. Hiji tanda parjuangan anu saestu guru jeung dosen pikeun kalulusan Sertifikasi. Alhamdulllilah pikeun nu langsung lulus tapi nu kedah ngawincik deui ku diklat jeung uji praktek Di Depok, Jakarta, sareng Sawangan diantawisna .Ieu hiji kaunggulan nambahan wawasan pangaweruh atawa pangatahuan ngenaan kaguruan jeung bahan ajar. Anu parantos nanpi artosna. Subhanallloh aya rerencangan panulis anu gaduh niat seja bekel ka Tanah Suci.Wilujeung. Didokeun pisan ku panulis.

Sertifikasi ieu hiji tawis yen guru kenging perhatosan nu utami dina pamarentahan SBY . Mugia kapayun sanaon bapak SBY parantos lungsur digentos nu sanesna pamugi program SERTIFIKASI ieu aya paningkatan. Ulah cag ngalepaskeun nu can rengse dipigawe ,tapi benahan naon kakuranganana sangkan mawa hasil nu leuwih hade.Upami Mantenna marengkeun bapa SBY. Lajeungkeun.Mung punten rahayat mah peryogi buktos sanes program anu muluk.Kasejahteraan anu utami. Tingkatkeun mutu pendidikan .Nagara mukti laharja teu sesah sandang pangan. Ieu hiji harepan panulis dina mangsa tepung taun anu katelah “HARI GURU” sareng “PGRI”. Kaanteur ku pamenta barudak . Ceuk barudak “Bu sebutkan keinginan Ibu di hari ulang tahun ini!”. Pasti tercapai.Mudah-mudahan.Sanes paneda panulis bae tapi kum sadaya gurunu aya di Indonesia.

Mun ditilik katukang memang propesi guru sok ditingali sabelah mata tapi kiwari guru nuju kana masa kaemasan, tong aya deui sosok guru gambaran Umar Bakti, panokohan guru di televise jeung di layar perak , teu ya ayeun mah. Sosok guru ayeuna nayaeta sosok-sosok guru anu teu cuet ka hareup , tanggah, gagah, maju trus pandang mundur dina era globalisasi pikeun ngalahirkeun anak bangsa anu saestu sakumaha ditulis tina tujuan pendidikan nasional dan berahlakqulkarimah.Lian ti widang atikan bae di widang luar atika oge guru loba nu geus moyan ku kamaheran jeung pangaweruhna .Di dunya pamarentahan aya oge anu icikibung, panulis jsbna. Pionir bangsa komo pisan. Numatak harkat jeung darajat guru ayeuna hade pisan. Saupama rek nyalonkeun jadi Presiden. Teu salah. Artis Dede Yusuf bisa jadi wakil pupuhu pamarentahan di propinsi di Jawab Barat, mun kitu guru oge bisa. Pasti bisa. Kitu kongangna .Der,ah!

Bogor, Peuting Simpe 02 Des 2008.

Diajar Ngarang Carpon

Pangajaran ngarang pikeun panulis nalika harita masih diuk di bangku Sakola Dasar kacida dipikaresepna. Rek ngarang basa Sunda atawa basa Indonesia. Komo mun bapa guru atanapi ibu guru teu nangtukeun tema. Laluasa nulisna ari dibere tema mah rarasaan teh kabengket. Harita mah nulis teh teu malire kumaha nulis nu saestu. Kakara geus di SMP dibebebah. Emut keneh ibu guru basa Sundana namina bu Taski di SMP Negeri 14 Bandung. Duka panginten ayeuna anjeunna tos pangsiun. Anjeunna nu nganteur panulis nerus nulis .Salajeunna dijejeran ku Mang Adang S di Mangle. Di FKIP UNINUS Bandung dijejeran ku Drs. Makmur Saadi.Emut harita carpon anu munggaran “CIDRA”.

Kukituna dumasar kana pangalaman di luhur ngajak ka balarea khususnya rumaja kota Bogor hususna sangkan mitembeyan nulis carita dina wanda basa Sunda. Sakalian hidep ngamumule jeung mekarkeun basa indung. Rek kusaha deui iwal ku urang salaku urang Sunda ulah eleh ku rumaja asing anu mikaresep jeung mika cinta budaya

Sunda dina sagala widang. Alhamdulllilah dikota Bogor parantos medal tabloid SUNDA URANG baris nampi seratan urang. Kolom carpon pek eusi ku tulisan rumaja. Pangalaman atawa imajinasi . Tong sieun salah da aya editor anu baris ngaloris tulisan hidep.

Sok geura pigawe lengkah-lengkah ngamimitian hidep diajar ngarang  carpon .

1. Memeh prak sadiakeun keretas jeung alat tulis atawa komputer.

2. Ngarang kudu kajurung ku niat sorangan lain dititah atawa tugas.

3.Ngabogaan ide. Ide eta datang lamun ka jalma anu biasa ngarang dadakan. Kukituna lamun datang ide tong ditunda harita keneh nulis. Anggeuskeun tong kapotong. Teangan ide anu dekeut jeung urang atawa kahirupan urang ; Cinta contona. Ari neangan ide ,tinggal ngamanfaatkeun  panon jeung ceuli. Ningali kajadian macet nalika ngaliwat ka Pasar Bogor, pek caritakeun. Aya anu geulis ngaliwat, buru caritakeun caritakeun , bayangkeun nu ngaliwat eta kabogoh hidep.

4. Tong sieun salah, sieun dipoyokbatur, sieun teu dimuat,sieun salah nulis ejaan komo nulis e jeung eu. Najan pangarang geus jadi tetep bae aya pasualan.Mun haben ngagugulung kasieun mah moal aya kabisa. Ceuk basa Indonesia mah “asa karena biasa “.Kudu dibiasakeun.

5.  Lamun hidep manggih hahalang sabab mentok ide ceuk basa legegna mah. Tong dijadikeun masalah. Tong waka kukulutus. Eta senina nulis. Pek bae lamun hidep nulis surat cinta sarua .nulis, baca, soekkeun tuluy piceun ka wadah runtah. Neangan anu hade eusina sangkan nu dikirim surat narima cintana. Teu beda

6. Mimitian nulis pangalaman sapopoe. Sarua jeung nulis agenda atawa buku harian. Ngan bedana pek jieun wangkongannana sangkan narik ati,hirup karangannana, jeung rarasaan mah nu maca teh ningali jeung ngarasa kajadian dina eta carita. Kukituna mun caritana sedih, numaca ceurik tapi lamun caritana pikaseurieun milu seuri.Lamun kakeheul milu keheul.

7.Pikeun babanda kecap jeung kabengharan gaya nulis. baca buku-buku teori jeung carpon atawa novel pangarang Sunda.Lian ti eta kudu dalit jeung kamus basa Sunda sabab kamus loba manfaatna pikeun ngajelaskeun harti kecap sangkan urang teu salah nenden kecap dina tatanan kalimah. Dina proses nulis tingali bener teu nulisna. Kekecapan di jaman kiwari beuki benghar .Kamus nu alus teu ukur nerangkeun harti kecap oge ngajelaskeun cara ngalarapkeunnana dina kalimah.

Der,ah! (Ambu)

Anaking

APRESIASI SAJAK PANGAJARAN PIKEUN Kls XII Semester 1

labtek-itb

Ilo sajak di handap!

Sajak

ANAKING

Anaking,

Ti heula nalika hidep cumarita

isukan baris nuluykeun harepan

muru untaian gelarna cita-cita

dina angkeuhan ITB hiji paguron

anu mashur di kota Bandung

Hate indung bati ceurik

teu wasa narimana

na timana atuh waragadna

ceuk beja puluhan  juta

ari ieu aya gajih panyesaan

potongan ti mana-mana

nyumponan kabutuhan hirup

ITB ngan saukur gugupay

ngahiap-hiap kanu teu wasa

nga sipating manusa

kena owah gingsir

ayeuna urang hirup kieu

sugan jaga manggih bagja

ayeuna teu laksana sugan jaga

Anaking teu bisa nepi ka dinya

dina muru udagan gelar cita-cita

lain indung teu mirosea

lain indung teu ngajurung

lain indung teu surti

geuning sakola di jaman kiwari

kudu sugih ku kaboga

tong wara mangjuta-juta

sajuta oge panyesaan

cukup keur hirup dua minggu

sabab kaayaan kiwari

teu nguntup jeung panghasilan

Anaking,

kiwari indung bungah ati

hidep geus mere bukti

nepi kanu dipicamcam

najan teu nepi ka ITB

di paguron ieu jadi asisten

nuluykeun lengkah indung

babakti ka lemah cai

ngamalkeun  pangarti

sasieureun sabeunyeureun

pikeun bekel bawaeun jaga

sanajan leutikna sagede siki saga

manfaat dunya aherat

Nuhun Gustiii!

Bogor, 21 janari gede Nov 2008.

(Puisi ieu diserat pikeun anaking Ramdhan Rahmanda di Bandung)(Ambu)

Maham Sajak

Jawab panya di handap ieu!

1. Catet kecap-kecap anu dianggap hese tuluy hartikeun teangan dina kamus!

2. Jejer sajak “Anaking” nyaeta…………………………………..

3. Anu karasa ku hidep sabada maca sajak di luhur nyaeta………………………………….

4. Anu dicaritakeun ku pangarang dina sajak di luhur nyaeta……………………………………….

5. Anaking dina sajak eta ngagambarkeun anak ………………….sabab dijelaskeun tina padalisan………….

6. Amanat dina sajak di luhur nyaeta………………………………………………..

7. Kumaha pamadegan hidep lamun kajadian di luhur karandapan pisan ku hidep?Pek jelaskeun!………….

8. Caritakeun sajak di luhur ngagunakeun basa lancaran!

3. Kumaha pamadegan hidep lamun hidep ngalaman pangalaman di luhur?

Judul Blog Saya

Ini adalah isi tulisan saya OK

Hello world!

Welcome to WordPress.com. This is your first post. Edit or delete it and start blogging!