Diajar Ngarang Carpon

Pangajaran ngarang pikeun panulis nalika harita masih diuk di bangku Sakola Dasar kacida dipikaresepna. Rek ngarang basa Sunda atawa basa Indonesia. Komo mun bapa guru atanapi ibu guru teu nangtukeun tema. Laluasa nulisna ari dibere tema mah rarasaan teh kabengket. Harita mah nulis teh teu malire kumaha nulis nu saestu. Kakara geus di SMP dibebebah. Emut keneh ibu guru basa Sundana namina bu Taski di SMP Negeri 14 Bandung. Duka panginten ayeuna anjeunna tos pangsiun. Anjeunna nu nganteur panulis nerus nulis .Salajeunna dijejeran ku Mang Adang S di Mangle. Di FKIP UNINUS Bandung dijejeran ku Drs. Makmur Saadi.Emut harita carpon anu munggaran “CIDRA”.

Kukituna dumasar kana pangalaman di luhur ngajak ka balarea khususnya rumaja kota Bogor hususna sangkan mitembeyan nulis carita dina wanda basa Sunda. Sakalian hidep ngamumule jeung mekarkeun basa indung. Rek kusaha deui iwal ku urang salaku urang Sunda ulah eleh ku rumaja asing anu mikaresep jeung mika cinta budaya

Sunda dina sagala widang. Alhamdulllilah dikota Bogor parantos medal tabloid SUNDA URANG baris nampi seratan urang. Kolom carpon pek eusi ku tulisan rumaja. Pangalaman atawa imajinasi . Tong sieun salah da aya editor anu baris ngaloris tulisan hidep.

Sok geura pigawe lengkah-lengkah ngamimitian hidep diajar ngarang  carpon .

1. Memeh prak sadiakeun keretas jeung alat tulis atawa komputer.

2. Ngarang kudu kajurung ku niat sorangan lain dititah atawa tugas.

3.Ngabogaan ide. Ide eta datang lamun ka jalma anu biasa ngarang dadakan. Kukituna lamun datang ide tong ditunda harita keneh nulis. Anggeuskeun tong kapotong. Teangan ide anu dekeut jeung urang atawa kahirupan urang ; Cinta contona. Ari neangan ide ,tinggal ngamanfaatkeun  panon jeung ceuli. Ningali kajadian macet nalika ngaliwat ka Pasar Bogor, pek caritakeun. Aya anu geulis ngaliwat, buru caritakeun caritakeun , bayangkeun nu ngaliwat eta kabogoh hidep.

4. Tong sieun salah, sieun dipoyokbatur, sieun teu dimuat,sieun salah nulis ejaan komo nulis e jeung eu. Najan pangarang geus jadi tetep bae aya pasualan.Mun haben ngagugulung kasieun mah moal aya kabisa. Ceuk basa Indonesia mah “asa karena biasa “.Kudu dibiasakeun.

5.  Lamun hidep manggih hahalang sabab mentok ide ceuk basa legegna mah. Tong dijadikeun masalah. Tong waka kukulutus. Eta senina nulis. Pek bae lamun hidep nulis surat cinta sarua .nulis, baca, soekkeun tuluy piceun ka wadah runtah. Neangan anu hade eusina sangkan nu dikirim surat narima cintana. Teu beda

6. Mimitian nulis pangalaman sapopoe. Sarua jeung nulis agenda atawa buku harian. Ngan bedana pek jieun wangkongannana sangkan narik ati,hirup karangannana, jeung rarasaan mah nu maca teh ningali jeung ngarasa kajadian dina eta carita. Kukituna mun caritana sedih, numaca ceurik tapi lamun caritana pikaseurieun milu seuri.Lamun kakeheul milu keheul.

7.Pikeun babanda kecap jeung kabengharan gaya nulis. baca buku-buku teori jeung carpon atawa novel pangarang Sunda.Lian ti eta kudu dalit jeung kamus basa Sunda sabab kamus loba manfaatna pikeun ngajelaskeun harti kecap sangkan urang teu salah nenden kecap dina tatanan kalimah. Dina proses nulis tingali bener teu nulisna. Kekecapan di jaman kiwari beuki benghar .Kamus nu alus teu ukur nerangkeun harti kecap oge ngajelaskeun cara ngalarapkeunnana dina kalimah.

Der,ah! (Ambu)

Anaking

APRESIASI SAJAK PANGAJARAN PIKEUN Kls XII Semester 1

labtek-itb

Ilo sajak di handap!

Sajak

ANAKING

Anaking,

Ti heula nalika hidep cumarita

isukan baris nuluykeun harepan

muru untaian gelarna cita-cita

dina angkeuhan ITB hiji paguron

anu mashur di kota Bandung

Hate indung bati ceurik

teu wasa narimana

na timana atuh waragadna

ceuk beja puluhan  juta

ari ieu aya gajih panyesaan

potongan ti mana-mana

nyumponan kabutuhan hirup

ITB ngan saukur gugupay

ngahiap-hiap kanu teu wasa

nga sipating manusa

kena owah gingsir

ayeuna urang hirup kieu

sugan jaga manggih bagja

ayeuna teu laksana sugan jaga

Anaking teu bisa nepi ka dinya

dina muru udagan gelar cita-cita

lain indung teu mirosea

lain indung teu ngajurung

lain indung teu surti

geuning sakola di jaman kiwari

kudu sugih ku kaboga

tong wara mangjuta-juta

sajuta oge panyesaan

cukup keur hirup dua minggu

sabab kaayaan kiwari

teu nguntup jeung panghasilan

Anaking,

kiwari indung bungah ati

hidep geus mere bukti

nepi kanu dipicamcam

najan teu nepi ka ITB

di paguron ieu jadi asisten

nuluykeun lengkah indung

babakti ka lemah cai

ngamalkeun  pangarti

sasieureun sabeunyeureun

pikeun bekel bawaeun jaga

sanajan leutikna sagede siki saga

manfaat dunya aherat

Nuhun Gustiii!

Bogor, 21 janari gede Nov 2008.

(Puisi ieu diserat pikeun anaking Ramdhan Rahmanda di Bandung)(Ambu)

Maham Sajak

Jawab panya di handap ieu!

1. Catet kecap-kecap anu dianggap hese tuluy hartikeun teangan dina kamus!

2. Jejer sajak “Anaking” nyaeta…………………………………..

3. Anu karasa ku hidep sabada maca sajak di luhur nyaeta………………………………….

4. Anu dicaritakeun ku pangarang dina sajak di luhur nyaeta……………………………………….

5. Anaking dina sajak eta ngagambarkeun anak ………………….sabab dijelaskeun tina padalisan………….

6. Amanat dina sajak di luhur nyaeta………………………………………………..

7. Kumaha pamadegan hidep lamun kajadian di luhur karandapan pisan ku hidep?Pek jelaskeun!………….

8. Caritakeun sajak di luhur ngagunakeun basa lancaran!

3. Kumaha pamadegan hidep lamun hidep ngalaman pangalaman di luhur?