APRESIASI BAHASA DAN SASTRA SUNDA Untuk kelas XI SMA,SMK,MA

CARPON
Ambu Hegar

KARETA PANUNGTUNGAN

Jerit jumeritna hate kuring ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. Mun wasa mah cerik gogoakkan narima kanyataan kieun. Saha jelemana nu kuat ditinggalkeun maot ku pamajikkan nu geus lawas babarengan , ngaheuyek ngarumahtangga, sapapait samamanis. Ayeuna geus hirup lumayan loba kamajuan utamana dina gudag kalir ceuk istilah legegna mah . Tinggal metik hasil manehna mulang ka jati mulang ka asal. Mun seg Allah mareungkeun moal lila deui kuring diangkat jadi kapala sakolah. Ari taeun kieu, anjeun ninggalkeun kuring. Takdir. Papasten ti Gusti Nu Widi.

“Duh, Gusti paparin abdi kakiatan !” jumeritna hate kuring bari netep pamajikan nu harita geus jadi layon dihujannan ku cimata. Cimata nu jadi saksi . Memang kuring surti kana bagbagan agama yeun teu dimenangkeun nyengceurikkan nu maot. Ngan dalah dikumaha kuring teu wasa nahan kasedih. Kuring teu wasa .

Lalampahan katukang bruhbreuh narembongan. Nalika kuring tepung jeung manehna di IKIP. Kuring kabeneran sajurusan bahasa Sunda. Cinta kuring langgeung nepikeun ka prukna ngarumah tangga. Kuring ngumbara di Bandung, Tempat tugas beda. Kuring dipercaya ku Manteunna, anak kuring dua sajodo. Si cikal lalaki ari si bungsu awewe. Si cikal tingkat dua di salah sahiji paguron di Bogor, ari si bungsu kelas hiji SMP. Kahirupan kuring ayeumtemtreum nepikeun ka ayeuna. Ngan katremtreuman eta punggas di jalan jalaran pati nu misahkeun kuring jeung manehna. Peuting ieu roangan ieu jadi saksi katunggaran kuring sakulawarga. Innalillahi wainaillihi rojiun.

”Pileuleuleuyan ,junjunan” gerentes kuring dumareuda.
Sanggeun layon dibawa ka imah. Kasedih nambah rosa. Ngan teu bisa kumaha. Kuring boga iman. Iwal cimata teu kaampeuh. Si cikal jeung si bungsu teu jauh ti kuring. Komo manehna kaleungitan nu jadi indung, indung nu sapopoe ngaping ngajaring beurang jeung peuting. Ari kuring mah rumasa sok rada katungkulkeun tugas di sakola. Nya ari dititeunan mah indungna nun ngurus sagembleungna najan manehna sarua pagawe negeri. Ari awewe mah tetep bae anak jeung keluarga nomer hiji disagedeungeun tugas di luar imah. Eta leuwihna numatak pantes budak teu narima kana papasteun ieu. Sugan ari ku kalilaan mah moal. Ayeuna mah wajar. Komo budak, kuring oge mun wasa mah bati kumaha. Mun wasakuring menta , kajeun kuring nu ti heula ninggalkeun alam dunya ieu batan indungna. Ari indung bisa jadi bapa. Ari kuring can tangtu bisa jadi indung. .

“Mat,……”hiji sora mepeskeun lamunan ”Sing sabar jeung tawekal, karunya kabarudak. Lamun ajeun ngulueut kieu sakumaheun barudak. Hayoh, geura cengkat kapan sakedap deui bade dimakamkeun” ceuk Pa Hasan bapak RT ngelingan kuring.

“ Mangga .” bari lalaunan cengkat ninggakeun enggon di barengan ku manehna.
Di ruang tamu pinuh kunu ngalayad lian ti tatangga, baraya oge babaturan gawe kuring jeung pamajikan. Aya anu ngadoa, aya anu ngaji yasin. Alhamdullilah . Bagja. Kuring mah can tangtu kitu. Kukituna anjeung hirup di alam dunya ieu kaasup pamajikan anu sajati. Ka salaki satia. Solehhah. Numatak alhamdullilah anjeun mulang lir nu tibra kuleum . Cahayaan. Iklas ninggalkeun alam dunya. Subhanallloh.

Teu lila layon teh dipindahkeun kana pasaran. Kandaraan panungtungan. Sanajan loba dunya barana, turun unggah mobih mewah, geun maot mah sarua dibawa kana pasaran. Pasaran teh tuluy dituruban ku samping kebat jeung lawon hejo dikembangan ku kembang menang ngaronce tanda kaasih ti keluarga. Ari aturan dina Quran mah teu aya, eta mah kakurung ku kabiasaan nu geus nyaliara di masarakat urang.

Koceak si bungsu ngoceak. Leketey hate kuring. Peurih. Hate ieu gundawang lir diturihan ku hinis. Mun seg kuring lain lalaki geus kumaha boa. Kuring teu wasa narima kaayaan kieu.

“Ampun ,Gusti!!!!!Paparin abdi sareng pun anak kakiatan!”jumeritna hate kuring bari muntang kanu Kawasa.
Nu ngagotong pasaran anu katelah kareta panuntungan ka luar ti buruan tuluy asup ka mobil jenasah. Kuring nuturkeun bari hate peurih. Kuring kudu kuat. Kuring kudu bisa nganteurkeun. Kuring kudu nepi ka kuburan tempat panuntungan nu jadi buah hate. Najan raga papisah tapi batin tetep nganteung. Kitu deun anjeun najan teu kaciri ku mata lahir tapi mata bathin seukeut tetep kuring salalawasana. Anjeun bisa ningali ka kuring. Anjeun weleuh aya disagedeungeu kuring jeung buah hate urang duaan.

Gundukan taneh beureum pajaratan saksi nu misahkeun alam kuring jeung anjeun. Kuring pahet janji dina ati baris ngaping ngajaring buah hate nu samistina. Da ka saha deui maranehannana muntang iwal ka kuring. Kuring baris jadi bapa jeung indung keur manehna memeh manehna bisa hirup mandiri. Kuring kudu bisa jadi tumpuan hareupan manehan dina enggoning muru runtayan hareupan.

Sora azan lapat-lapat ti kajauhan nambahan kakuatan batin kuring. Kuring narima kana papasteun ieu. Kuring tuluy mutang kanu Kawasa. Kasaha deui atuh kuring muntang iwal ka Manteunna. Manteunna anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Kuring oge bakal ngalaman maot. Ngan duka iraha. Eta mah rahasiah Manteunna. Tanwande kuring kudu hade ngalakakonan hirup di alam duya, ngajauhan larangannna, ngalaksakeun parentahna, tur kudu kuat kana cocoba. Ayeuna anjeun mulang, isuk pageto boa kuring. Anjeun mah iwal pasrah jeung sadar yeung pati teh ngadodoho. Bukti kuat. Nu jadi pamajikan, rarasaan mah kamari-kamari teh ngobrol paduduaan jeungna rarasaan mah geuringna teu parna-parna teuing. Sugan teh rek nuluy cageur saterusna ieu mah malah kanceuh. Ka dalapan poe Malaikat maot mapagkeun. Mulang kajati mulang ka asal. Kareta panuntungan lalaunan ngajauhan .

“Pileuleuyan, junjunan”harewos kuring dumareda bari ngalengkah lalaunan ninggalkeun pajaratan. Titingalan ka hareup awor ku ngeyembeungna cimata nu weleuh maseuhan kongkolak mata timimiti geletukna nepikeun anjeun dikureubkeun. Teuing iraha cimata ieu saat. Enya oge kuring teh lalaki teu wasa narima kaayaan kieu. Cimata saksi kapeurih pegatna asih jeung duriat ka manehna alatan pati. Pati papasten ti Gusti Yang Widi pikeun kuring jeung manehna dina enggoing ngaronce rundayan hareupan ngojayan samudra kahirupan dipasieup ku cimata jeung sora dareda nutup carita di peuting panuntungan .

Lain kuring teu ngarti. Teu narima kana takdir. Tapi kuring manusa nu teu salawasna panceg , kuat , teguh, narima sagala kanyataan hirup . Ari ku kateuingan kuring rubuh , runtuh, sakuatna pilar kaimanan jeung kakuatan hate. Rempag ku gulidagna rasa nu rosa ku kapeurih jeung kaseudih nu taya bandingannana. Kiwari kasedih ieu baris jadi papaes hirup kuring salalawasanna. Moal leungit jeung luntur ku muterna waktu moal ilang ku gantina jaman. Abadi dina hate nanubari nu suci dina enggoning kuring hirup di alam dunya ieu.

Bogor, medio Oktober 2008

* Batas Paragraf ditandai dengan spasi dan tiap paragraf seharusnya penulisan menjolok karena sistem sehinga hasil sebagai tersebut di atas

MGMP BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/SMK/MA SE-KOTA BOGOR

 

Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) merupakan suatu wadah perkumpulan bagi guru mata pelajaran yang berada di suatu wilayah/ kabupaten/kota/kecamatan/sanggar/gugus sekolah. Fungsi MGMP adalah sarana untuk saling berkomunikasi, belajar, bertukar pikiran dan pengalaman, serta berbagi hasil pelatihan, dalam rangka meningkatkan kinerja guru sebagai pelaku perubahan reorientasi pembelajaran di kelas.

 

Tugu Kujang Kebanggaan Warga Bogor

Tugu Kujang Kebanggaan Warga Bogor

 

MGMP Bahasa dan Sastra Sunda lahir sejalan dengan diberlakukannya kurikulum bahasa daerah

untuk SMA/SMK/MA di Jawa Barat. Sebelum terbentuknya MGMP Bahasa dan Sastra Sunda di kota Bogor diawali dengan Pelatihan Sosialisasi Kurikulum Bahasa Sunda Se-Jawa Barat yang diikuti oleh : Dra. Neneng Tuti Yuniarti (SMAN 4), Owon Wirawan, S.Sos,(SMA YZA 2), Drs. Ahmad Santoso (SMAN 2), Drs. Asep Mulyana (SMA Kosgoro), dan H. Cecep, S.Pd. (SMAN 8). Selanjutnya kami berunding untuk menindaklanjuti pembentukan MGMP Bahasa dan Sastra

Sunda di kota Bogor.  Alhamdullilah kami dapat mewujudkan pada tangal 27 Juli 2006 , bertempat di SMAN 4 Bogor, dihadiri bapa Drs. Dodo (pengawas), bapa Drs. Maman Suherman (kepala sekola SMAN 4 Bogor) dan perwakilan guru bahasa Sunda SMA/SMK/MA sebanyak  50 guru.Berdasarkan pemilihan maka diangkat sebagai ketua MGMP Dra. Neneng Tuti Yuniarti ( SMAN 4 Bogor)  dan Drs. Maman Suherman sebagai ketua Sanggar sampai sekarang.

 

MGMP bahasa dan Sastra Sunda Kota Bogor  mengorientasikan kegiatannya kepada tercapainya guru-guru yang berkualitas, kreatif, inovatif dan profesional. Kegiatan-kegiatan  tersebut meliputi :

1.    Pengembangan potensi guru di dalam melakukan proses pembelajaran dan pengembangan administrasi pembelajaran

2.    Menambah wawasan guru mengenai hal-hal esensial dalam pembelajaran bahasa dan sastra Sunda.

3.    Meningkatkan pengetahuan, keterampilan  dan sikap dalam rangka pelestarian dan pengembangan budaya.

4.    Mengembangkan ilmu pengetahuan, teknologi dan seni dalam pembelajaran bahasa dan Sastra Sunda untuk meningkatkan apresiasi sastra.

5.    Bekerja sama dan ikut melaksanakan program-program dengan dinas pendidikan dan instansi yang berkaitan dengan bahasa dan sastra Sunda.

6.    Berkreasi  dan menghargai artistik, budaya, dan karya intektual  Sunda serta menerapkan nilai-nilai luhur untuk meningkatkan kematangan pribadi, kematangan sosial, dan kematangan emosional.

VISI

 

Guru Mata Pelajaran bahasa dan Sastra Sunda yang profesional dan unggul dalam penguasaan bahasa dan sastra Sunda, pedagogik, serta mampu menggunakan perangkat teknologi informasi   ( IT )

 

   SUSUNAN PENGURUS

 

Ketua Sanggar : Drs. Maman Suherman (SMAN 4 Bogor)

PJBA : Drs. Dodo Saefullah H. (Pengawas)

Ketua  : Dra. Neneng Tuti Y (SMAN 4 Bogor)

Sekretaris :  Dra. Dais Nur Faridah (SMKN 3 Bogor)

Dra. Lina Sugiharti (SMAN 7 Bogor)

Bendahara :  Dra. Cucu Sadiyah (SMAN 1 Bogor)

Dra. Lilis Solihat (SMKN 1 Bogor)

Pengembangan Bahan Ajar :  Dra. Sukmawati (SMAN 3 Bogor)

Dra. Wiwin (SMAN 1 Bogor)

Lanny S.Ss (SMKN 1 Bogor)

Inovasi Pengajaran : Dra. Ida Rosidah (SMKN 2 Bogor)

Dra. Izra (SMAN 10)

Dra. Imas  (SMAN BM Bogor)

Evaluasi : Dra. Ros (SMA PGRI 4 Bogor)

Drs. Tata (SMKN 3 Bogor)

Drs. Ahmad Santoso (SMAN 2 Bogor)